Kacarioskeun
dihiji lembur dilamping gunung, di lembur Jogjogan Sukamakmur, kapungkur mah
lembur iyeu teh tebih tiditu ti diyeu. Teu aya warung, ka pasar tebih ka kota
komo deui. Jalanmah aya mung jalan satapak wungkul.
Di lembur eta
aya hiji kulawarga anu beunghar, Anak lima, Kebon sareng sawahna lega, ternak
sagala aya di sababaraha kandang. Harta Banda Kakayaanana bru di juru bro di
panto ngalayah ditengah imah teh nyaan, Anu janten
Bapa hoyong nguji tepi ka mana rasa cinta anak-anakna teh. Dina hiji waktos si
Bapa teh ngumpulkeun anak-anakna. Naros pangpayuna teh ka si bungsu.
“Anaking, diantara anu dipiboga ku bapa,
naon anu pang dipikanyaah ku Hidep?”
Si bungsu
langsung ngawaler, “Anu pang dipikanyaah ku abdimah Ema. Da upami teu aya Ema
mah rumah tangga teh moal ka urus. Salian ti ngurus imah, ngurus anak, Ema
masih bisa ka sawah mantuan Bapa.”
Si Bapa
ngerutkeun halis, Hmmm hartina iyeu budak bisa ngawarisan sifat Ema dimana Ema
tos teu aya dikiyeuna. Ema teh emang hiji wanoja anu pantes dipikanyaah ku
kahadeanana, kageulisanana, kaparigelanana, kacerdasanana jeung sajabana. Alus,
Sibungsu pantes dipikanyaah.
Ngalieuk ka
pangais bungsu sami ditaros. Si Pangais bungsu ngawaler “ Anu pang dipikanyaah
ku abdimah Ternak pa. Da upami teu aya kebo mah sawah kumaha? Moal tiasa panen
meureun? Kitu deui Sapi, hayam, Embe lamun teu dipikanyaah ku abdi pasti teu kaurus
terus pararaeh, matakna abdimah nyaah pisan ka ternak teh”