Senin, 30 September 2013

Sumber Cai Uyah Sukamakmur Bogor

Kacarioskeun dihiji lembur dilamping gunung, di lembur Jogjogan Sukamakmur, kapungkur mah lembur iyeu teh tebih tiditu ti diyeu. Teu aya warung, ka pasar tebih ka kota komo deui. Jalanmah aya mung jalan satapak wungkul.

Di lembur eta aya hiji kulawarga anu beunghar, Anak lima, Kebon sareng sawahna lega, ternak sagala aya di sababaraha kandang. Harta Banda Kakayaanana bru di juru bro di panto ngalayah ditengah imah teh nyaan, Anu janten Bapa hoyong nguji tepi ka mana rasa cinta anak-anakna teh. Dina hiji waktos si Bapa teh ngumpulkeun anak-anakna. Naros pangpayuna teh ka si bungsu.

Anaking, diantara anu dipiboga ku bapa, naon anu pang dipikanyaah ku Hidep?”

Si bungsu langsung ngawaler, “Anu pang dipikanyaah ku abdimah Ema. Da upami teu aya Ema mah rumah tangga teh moal ka urus. Salian ti ngurus imah, ngurus anak, Ema masih bisa ka sawah mantuan Bapa.”
Si Bapa ngerutkeun halis, Hmmm hartina iyeu budak bisa ngawarisan sifat Ema dimana Ema tos teu aya dikiyeuna. Ema teh emang hiji wanoja anu pantes dipikanyaah ku kahadeanana, kageulisanana, kaparigelanana, kacerdasanana jeung sajabana. Alus, Sibungsu pantes dipikanyaah.
Ngalieuk ka pangais bungsu sami ditaros. Si Pangais bungsu ngawaler “ Anu pang dipikanyaah ku abdimah Ternak pa. Da upami teu aya kebo mah sawah kumaha? Moal tiasa panen meureun? Kitu deui Sapi, hayam, Embe lamun teu dipikanyaah ku abdi pasti teu kaurus terus pararaeh, matakna abdimah nyaah pisan ka ternak teh”
Si Pangais bungsu resep ka binatang ternak, Alus, hartina ternak anu sakitu lobana pasti kageroh. Gerentes hate si Bapa. Neuteup anak ka tilu.
“ Anu pang dipikanyaah ku abdimah pakulian abdi. Abdi resep kuli kamana-mana ngumpulkeun upah, lain ngaragrageun darajat Bapa tapi abdimah gaduh emutan upami abdi tiasa ngahasilkeun upah tina pakulian, eta hartina harta banda pakaya bapa teh moal kacoceng tapi malah nambahan,  kitu sanes pa?”
Hmmm anak katilu boga kayakinan jeung kahayang anu keyeng. Alus, eta hartina bisa ngajaga naon anu bakal diwariskeun. Kitu anu aya dina emutan si Bapa.
Anak ka dua laju ngawaler “Anu pang dipikanyaah ku abdimah, Kebon sareng sawah pa. Da kebon sareng sawah mah ngahasilkeun kaperluan dahar urang. Pan kadaharan mah penting keur kahirupan urang.”
Alus, hartina kebon jeung sawah teh moal kalantarkeun lamun kitu mah. Kitu anu kapikir ku si Bapa, ngareret ka si Cikal.
Si Cikal ngeluk tungkul, rada lami ngawalerna.
“Cing waler! Naon anu pang dipikanyaah ku  hidep anaking?”
Si Cikal ngarahuh narik nafas panjang, asa abot bade ngawaler teh.
“Bapa, punten sateuacana, sagala anu disebatkeun tadi teh leres oge dipikanyaah ku abdi, tapi anu pang dipikanyaah kuabdi mah nyaeta UYAH.”
Gebeg atuh! Si Bapa teh ngagebeg kaget kabina-bina. Naha ceunah sagala kahormatan dunya teh teu aya hartina eleh pamor teu pira kadar ku uyah?
“Emh aya kukituna nya? Eta hartosna sagala anu aya diimah iyeu teh darajatna langkung rendah tibatan uyah.”
“Abdi teu pisan-pisan gaduh maksad kitu Bapa, abdimah mung ukur jujur tina sanubari da leres anu pangdipikanyaah ku abdimah uyah.”
Ngadangu kitu, Si Bapa langkung amarah wae. Kajujuran anu nganyerikeun hate pikeun dirina. Teu tatapa sini deui, Si Cikal diusir ti imah eta.
Reup poe datang bulan, beak bulan ganti taun, tutup tahun tepi ka taun deui, lami ku lami, di lembur jogjogan teu aya anu gaduheun uyah. ka pasar tebih, teu aya warung, teu aya nu ka kota, nya akhirna uyah teh leungit di lembur eta mah.
Dina hiji mangsa datang saurang aki-aki ka lembur eta. Si aki teh keur ngalalana tafakur di hiji gunung di caket lembur eta nyaeta gunung batu, sarengsena tafakur mujasmedi ka Numaha suci Numaha tunggal, anjeuna turun gunung, nyemah ka hiji imah jalma beunghar anu pernah ngusir anakna anu Cikal.
Kadongkapan si Aki dibagyakeun ku kasomeahan, disuguhan  di layanan di hormat ku pribumi. tuangeun sagala aya disuguhkeun. Bakakak hayam, pais gurame, sayur asem, sambel , pokonamah sagala anu aya di suguhkeun.
Si aki nganuhunkeun pisan, anjeuna ngalimed wae barang tuang, sanaos si aki sadar aya nu aneh tina sagala tuangeun anu disuguhkeun teh rasana kurang ni’mat, lauk asa lauk, hayam asa hayam sayur asa kukuluban, sambel lada wae wungkul nu aya, asa kurang naon….. hambar! Teu aya sari asin anu matak nikmat kadaharan. Pasti teu diuyahan masakna, tapi si aki tetep barang tuang sagala di comot kuhawa lapar sareng ngahormat anu ngajamu.
Disela-sela balakecrakan, si aki naros ka pribumi
“ Sateuacana hapunten, aki teh teu gaduh maksad nanaon, sanes nyempad masakan, Naha kunaon sagala masakan anu di suguhkeun ka aki teh rasana hambar? Masakna teu diuyahan lain?”
Pribumi liren barang tuangna, kalahka curucud wae bijil cipanon, asa gaduh dosa anu pang ageung ageungna dosa kumargi tos ngusir Si Cikal anu mikanyaah ka hiji barang anu teu pira tapi sakiyeu pentingna upami eta barang teu aya.
Ningali pameunteu pribumi alum, si aki tambah langkung heran sarta panasaran, aya naon iyeu teh?
“Sok caritakeun ka aki aya naon sabenerna? Aya kajadian naon?”
Bari dareda, pribumi ngajelentrekeun kumaha awal kajadian nu matak jadi sebab uyah siga ngaleungit di lembur eta.
Ngadangu kitu si aki unggek-unggekan, kahartos ari kitumah. Gerentes hatena.
Naha ayeuna tos sadar yen ulah ningali hiji hal tina bentuk wujud rupa, tapi tingali fungsi nilaina, ulah teuing ngagugulung harta banda tapi aya anu langkung penting ti eta, hal anu leutik anu ngajadikeun hal gede teu aya hartina. Contona uyah, pestapora balakecrakan kadaharan sagala aya geuning teu aya uyah mah rasana kirang ni’mat. Uyah mah emang leutik, tapi tingali sumber uyah anu sakita luas legana nyaeta laut. Hartina uyah teh leutik tapi sumberna luas pisan, tangtu lamun sumberna luasmah bakal ngahasilkeun anu loba tur mangfaat. Kitu deui pamingpin, pamingpin moal aya hartina lamun teu aya rakyat leutik anu di pingpina. Si Cikal teh boga sifat anu luhur mulia , sifat pamingpin anu nyaah ka rahayat leutik. ”
Pribumi ngeluk tungkul ngaraos isin namung ngaraos sagala anu diucapkeun ku si aki teh leres.
“Hayu urang usaha. Mudah-mudahan anu Maha Suci ngidinan urang ikhtiar, mudah-mudahan naon anu dimaksad ku urang ngadatangkeun hasil.”
Tadinamah pribumi teh teu ngartos naon anu dimaksad ku si aki. Naon atuh maksadna?
“ Tah di diyeu, guarkeun pasir jeung leutakna, bendung  tepi ka jadi ngumpul caina siga sumur kobak sareng cai ti luar kobak iyeu teu lebet deui ka kobak, siuk caina! Ulah dileueut, tapi sok panaskeun ku seuneu dina ketel. Taheur tepi ka caina saat. Mudah-mudahan pangabutuh urang diyeu kacumponan.”
Atuh gura-giru pribumi ngajalankeun pituah si aki. Ngala cai di kobak tempat anu di tuduhkeun ku si aki terus di taheur tepi ka caina saat.
Cai anu di taheur teh saat tapi sanes tutung malah nyesakeun pasir bodas anu siga uyah, diasaan asin da emang uyah atuh.
Bakating ku bungah pribumi ngahaturkeun nuhun pisan ka si aki, tapi si aki tos teu aya duka ngaleos kamana. Saha ari aki-aki anu nuduhkeun tempat cai kobak sumber uyah teh? Nyaeta taya sanes iwal ti Pangeran Sake/Shoheh Citeureup.
Nyebar khabar warta barita yen di lembur jogjogan aya hiji tempat sumber cai sumur kobak anu bisa dijadikeun uyah. Atuh ngantri rahayat jogjogan anu butuh uyah teh. Ngadaramel uyah sacekapna pikeun kabutuhan sadidinten.
Zaman ayeunamah lembur jogjogan tos teu janten lembur bau lisung deui tapi tos caket ka pasar seueur warung ka kota oge tiasa. Biaya ngadamel uyah ti cai kobak sumber uyah langkung awis tibatan meser uyah di warung. Tapi sejarah cai kobak sumber uyah moal leungit ti jogjogan. Komo urang jogjogan anu pernah ngadaramel uyah ti eta cai mah.
Tapak tilas tempat cai kobak sumber uyah teh masih aya keneh di hiji tempat disisi walungan di lembur jogjogan.

Photo daerah tempat cai kobak sumber uyah

Tempat iyeu ngajadikeun ciri yen di tempat iyeu cai ulah tepi ka saat tapi kedah di tampung, dikeumpelkeun atanapi di bendung. Hiji bendungan kedah dibangun di tempat iyeu. Naon gunana bendungan di diyeu? Gunana pikeun nampung cai, pikeun kabutuhan sadidinten, pikeun kamakmuran rahayat dibidang pertanian khusus didaerah sakitarna.
Saha anu tiasa ngadamel bendungan di iyeu tempat? Nyaeta hiji jalmi anu gaduh kakuatan, kapercayaan, kapamingpinan , kaelmuan sareng widi ti numaha suci pikeun ngabangun bendungan eta. Naha aya jalmi anu model kitu? Anging alam anu uninga.

1 komentar:

  1. Lucky Club Casino Site Review
    Lucky Club Casino has over 1,000 slots and video luckyclub.live poker games and we couldn't have been more excited about our customers  Rating: 5 · ‎Review by Lucky Club Casino

    BalasHapus