Rabu, 26 Maret 2014

LEMBUR GANDA MANAH CISARUA BOGOR

Kacarioskeun waktos zaman walanda, Raden Gandadirja didamel di markas  walanda. Janten antek-antek penjajah. Tapi nusaleresnamah sanes kitu. Ngadunungan ka Walanda teh mung ukur sandiwara wungkul. Anu saleresnamah anjeuna teh pejuang Indonesia anu teu sudi dijajah ku bangsa deungeun. Sami sareng leluhurna ‘Embah Tubagus Andung Alun-Alun’.
 Tapi Anjeuna ngagaduhan cara anu rada benten tipejuang nu sanesna. Sadidinten anjeuna aya dilingkungan Walanda, tapi waktos prajurit walanda balangah, anjeuna ‘ngabobol’ gudang beas. Beasna dikintun ka para pejuang anu nuju gerilya. ‘ngabobol’ gudang papakean dimana para pejuang butuh papakean dikintunkeun, kitu deui obat-obatan, senjata sareng saniskanten kabutuhan para pejuang Indonesia liana anu nuju gerilya.