Kacarioskeun waktos zaman walanda,
Raden Gandadirja didamel di markas walanda.
Janten antek-antek penjajah. Tapi nusaleresnamah sanes kitu. Ngadunungan ka
Walanda teh mung ukur sandiwara wungkul. Anu saleresnamah anjeuna teh pejuang Indonesia anu
teu sudi dijajah ku bangsa deungeun. Sami sareng leluhurna ‘Embah Tubagus
Andung Alun-Alun’.
Tapi Anjeuna ngagaduhan cara anu rada benten
tipejuang nu sanesna. Sadidinten anjeuna aya dilingkungan Walanda, tapi waktos
prajurit walanda balangah, anjeuna ‘ngabobol’ gudang beas. Beasna dikintun ka
para pejuang anu nuju gerilya. ‘ngabobol’ gudang papakean dimana para pejuang
butuh papakean dikintunkeun, kitu deui obat-obatan, senjata sareng saniskanten
kabutuhan para pejuang Indonesia
liana anu nuju gerilya.
Lami ku lami, Pimpinan walanda waktos harita gaduh rasa
curiga. Naha
ceunah gudang teh bet ngurangan wae eusina? Padahal jarang dikaluarkeun? Teu
saimbang antara kaluar asupna barang ka
gudang. Di selidik di sidik-sidik kapanggih saha nu sok ngabobol gudang. Ana
horeng teh Raden Gandadirja putera Raden Ace Alireja. Atuh puguh amuk motah
amarah muntah si walanda teh. Langsung Turun parentah “Tangkap Ganda hidup atau
mati!” kitu kinten-kintena eta parentah teh. Anu hartosna “Tewak Ganda hirup
atawa paeh!”
Nya puguh Raden Gandadirja teu eleh geleng.
Maenya kudu masrahkeun diri ka panjajah? Kapalang kabongkar rusiah geus wae
lawan sakalian. Tapi lain lawankeuneun atuh. Pasukan sa batalyon turun kabeh
ngepung Raden Gandadirja. Nya ari kitu-kitu teuing mah kabur jadi hiji-hijina
jalan. Gajleng wae Raden Gandadirja teh luncat. Lumpat ngajauh tina congo bedil anu
jelas-jelas ngancam jiwana.
Pasukan walanda ngudag. “Ganda
melarikan diri kearah sanah!” anu hartina “Ganda lumpat kaditu!” kitu ceuk
salah saurang anggota pasukan. Atuh puguh kabeh pasukan murubul lalumpatan muru
Raden Gandadirja.
Kulantaran waktos udag-udangan rame
pisan, barijeung sosorak “Tangkap Ganda! Tangkap Ganda!” ceunah. sakabeh
rahayat jelata kasieunan. Bisi jadi salah sasaran. Poko’namah geumpeur wae nu
aya. Nu disumur kabur, nu di imah nyumput, nu di kebon nyempod, nu di sawah
gareuwah lumpat sakalumpat lampet nyalametkeun diri tina balai.
Raden Gandadirja terus lumpat
ngaliwatan kampung, kebon, huma pasawahan…. Dihiji tempat dipasawahan, Raden
Gandadirja ngarandeg, ana horeng dihiji kotakan sawah aya tudung cetok jeung
pacul katinggaleun. Siganamah bakating ku buru-buru cul wae ninggakeun tudung cetok jeung pacul.
Breh wae aya nukatingali dina pikiran Raden Gandadirja. Tudung cetok dipake
pacul dipanggul dekul wae macul dikotakan sawah eta.
Pasukan walanda anu ngudag Raden
Gandadirja tepi kadinya. Aya hiji patani anu keur macul di sawah. Pasukan sindang
reret “GANDA MANAH?” ceunah ka nu keur
macul. Nu ditanya nunjuk ka tonggoh “Tuh ka ditu?” walerna. Bring deui pasukan
teh lalumpatan deui. Patani dekul deui macul.
Pasukan walanda geus jarauh, Patani
manggul paculna, ngalengkah ninggalkeun sawah balik ka imah bari imut ngagambarkeun sugemana manah. Dugi
ka hiji imah di daerah Gadog, Patani Beberesih tuluy wae ngagoler na bale.
Bakating ku cape les teu emut nanaon deui alis tibra.
Kumaha nasib pasukan walanda anu
ngudag? Nya putar puter maju mundur ngudag kamana wae oge da moal kapanggih
atuh. Nu diudagna dituduhkeun lumpat ka tonggoh padahal balik deui ka lebak
terus ngagoler bari
ngorok alias tibra. Ceuk barudak ayeunamah “ emang enak dikerjain?”
Tah ayeuna di wanci kiwari, pasawahan
sareng daerah sakitarna dimana raden Gandadirja pura-pura macul janten patani katelah
lembur SINDANG RERET GANDA MANAH anu danget iyeu mah langkung kawentarna lembur
GANDA MANAH di Kecamatan Cisarua Kabupaten Bogor.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar