Senin, 07 Oktober 2013

Kemuning Gunung Karang Palasari Klapanunggal Bogor

Embah Kambi Kiara Lawang ngadangu yen Embah Tubagus Andung Alun-Alun sanes jalmi samanea nanging jalmi anu luhung ilmu panemuna, alim ulama anu utama.
Embah Kambi Kiara Lawang gaduh maksad hoyong ngajajal elmu. Anjeuna ngulem Embah Tubagus Andung Alun-Alun supados dongkap ka Kiara Lawang. Ngulemna Embah Kambi Kiara Lawang sanes nganggo amplop di prangkoan di stempel pos, atanapi nitip seratna ka manuk, ulemanana di serat dina daun lontar dilebetkeun ka saku kampret. Kampretna diraksukeun ka hiji lisung. Lisung dibajuan ajol-ajolan nyandak serat di sakuna, ajol-ajolan dugi ka Alun-Alun.
Dugi ka payuneun Embah Tubagus Andung Alun-Alun, serat di saku kampret di aos, kahartos maksadna teras eta serat di waler, walerana di lebetkeun deui ka saku kampret.
“Maneh balik ulah ajol-ajolan! Hiber wae ayeuna mah!”
Ana Jegger!, lisung ditajong hiber balik deui ka nu ngintuna di Kiara Lawang.
Dugi kana waktu ninggang kana mangsa, Embah Tubagus Andung Alun-Alun dongkap ka Kiara Lawang, dibagyakeun ku raray anu marahmay saromeah, disuguhan sagala rupi tuangeun pikeun ngahormat ka tamu anu ngahaja di ulem.
Atuh Embah Tubagus Andung Alun-Alun kacida sugemana dibagyakeun sakitu someahna, calik sila tur merenah mayunan susuguh anu sakitu seueurna.
Malah anu matak lapar mah aya babakak hayam sagala. Upami dietang mah aya 40 (opat puluh) bakakak hayam na teh.
“Mangga atuh! Hapunten geuning mung sakiyeu ayana. Mangga nyanggakeun!”
Ngadangu kitu Embah Tubagus Andung Alun-Alun ngaragap bakakak hayam. Ana Gep! Keok!keok!keok! bakakak hayam ngalabak, opat puluh bakakak hayam harirup deui.
“kukuruyuuuuuuuk!! Hayam anu jago kongkorongok. Embah Tubagus Andung Alun-Alun teu eleh geleng, salendang di beuheungna dilaan, tuluy di kebutkeun ka hayam anu 40. Hayam anu ngalabak, tingkareok,  kongkorongok jadi bakakak hayam deui.
Ningali kitu Embah Kambi Kiara Lawang ngaraos leres-leres percanten yen Embah Tubagus Andung Alun-Alun teh luhung elmuna, tapi Embah Tubagus Andung Alun-Alun teu sombong teu adigung teu ngaraos langkung sakti ti Embah Kambi Kiara Lawang. Anjeuna oge ngaraos yen Embah Kambi Kiara Lawang tos luhung elmuna.
Embah Tubagus Andung Alun-Alun masihan piwejang ka Embah Kambi Kiara Lawang. Sing saha jalma tiasa melak tangkal kemuning di hiji tempat anu teu bisa dikiihan maung, jalma eta bakal jadi jalma anu utama, pimpinan anu janten panutan balarea.
Atuh puguh Embah Kambi Kiara Lawang ngaraos gumbira. Singkat carios Embah Kambi milarian tempat pikeun melak tangkal kemuning anu teu bisa dikiihan ku maung.
Dimana atuh? Di leuweung? Etamah tempatna maung. Di sisi walungan? maung sok ngarinum didinya. Di gunung? Cakarna masih keneh bisa nancep naek kaluhur gunung. Dimana atuh? Mungguhing bingung nu teu manggih tungtung nalangsa can aya ubarna.
Bur kaditu Ber kadieu, bur ber wae Embah Kambi teh milarian tempat keur melak tangkal kemuning. Naha aya kitu tempat anu dimaksad teh ?
Emang tos kitu kuduna, tos kersa anu kawasa, Embah Kambi Kiara Lawang mendakan hiji tempat di lamping gunung karang di daerah anu tebih tiditu ti diyeu. Gunung karang eta ampir rata ti luhur kahandap, teu aya tetece teu aya tempat cecekelan , cakar maung oge moal bisa nancep da batu karang teh teuas pisan. Naek tihandap pasti nyorosod turun ti luhur pasti tigorewal anu hasilna pasti bakalan ngagubrag ragrag.
Bororaah jalma, maung oge moal bisa kiih ditempat etamah, Pikiran mantep hate reugreug niat anteb, teu kacatur kumaha carana Embah Kambi melak tangkal kemuning ditempat eta. Singkat carios Embah Kambi ku elmu pangabisa sareng kasaktena tos tiasa nyumponan piwuruk atanapi piwejang ti Embah Tubagus Andung Alun-Alun.
Dimana tempat Embah Kambi melak tangkal kemuning teh? Dugi ka danget iyeu, tangkal kemuning teh masih aya keneh. Persisna dihiji tempat di lamping gunung karang di caket Kampung Cioray Desa Leuwikaret Kecamatan Kalapa Nunggal Kabupaten Bogor. Dugi ka ayeuna tempat iyeu teu acan di sabaan ku manusa. Bororaah manusa maung oge teu bisaeun.
Jalan ka lamping gunung karang eta ayeuna oge sakitu tarahalna, ti arah mana wae jalan teh sarwa jorena.
 Upami ngalangkung ti Citeureup Sukamakmur Leuwicatang, jalan balai batu campur taneuh, lamun usum hujan siga leutak di pasawahan, ti jonggol sukamakmur nyalindung nya kitu keneh, di jorag ti kalapanunggal leuwikaret jalan teu aya bedana. Leuheung lamun halodo mah. Jalan teh garing. Sanaos rarinjul kubatu masih tiasa keneh dilarliwatan ku anu biasa kana motor, anu munggaran ka tempat etamah puguh ripuh nu aya.
Manawi engkin diwaktos anu bakal datang, aya manusa utama anu emang tos dikersakeun tiasa nyaba ka iyeu tempat tangkal kemuning, tur merenahkeun sarta ngamakmurkeun tempat di sakelilingna.






 ( Photo tempat tangkal kemuning ti kajauhan )
Ti saprak melak kemuning di tempat eta, Embah Kambi Kiara Lawang janten pamingpin anu gaduh sahaja dipikacinta ku rahayatna di Kiara Lawang. Lain tangkal kemuningna anu sakti, mujarab sareng sajabana, tapi anu melakna teh hiji jalmi anu gaduh kautamaan. Anu patut di gugu sareng ditiru anu pantes dijadikeun panutan.
Embah kambi teh gaduh kautamaan. Naon kautamaan Embah Kambi Kiara Lawang?
Salah sahijina nyaeta waktos di ulem salametan atanapi Tasyakuran dihiji kampung ku rahayatna, Embah Kambi Kiara Lawang kersa dongkap. Atuh puguh rahayat gumbira Tasyakuran teh bakal di pimpin ku pamingpin anu dipikahormat dipikacinta.
Dihiji tempat anu tos ditangtoskeun, tempat anu lega pikeun ngayakeun salametan, tempatna ditata dititi dipapantes, sagala susuguh disayagikeun kantun ngantos tamu kahormatan wungkul.
Anu pangpayuna dongkap saurang aki-aki, leumpangna nuyun iteuk, bajuna komprang santri anu lalayu sekar, disendal capit anu kulitna belel dikaput dimana mendi. Si aki calik pang payuna.
Dongkap kepala kampung, “Punten ki geser sakedik!” saurna. Si aki calikna geser, dongkap deui juragan beas kitu deui si aki di geser calikna, dongkap Bandar kebo, kitu digeser deui, dongkap saudagar sareng para pedagang kitu keneh, dongkap patani teu benten, unggal aya anu dongkap si aki digeser jeung di geser wae dugi ka kaluar ti tempat eta teu kabagean tempat. Akhirna si aki teu kapalire.
 Sadaya anu hadir ngantosan pamingpin anu dipikacinta, dipikahormat, sadaya ngaraos ‘iyeu aing anu pang miharepna kana kadongkapan pamingpin sejati’ iyeu aing anu pangpangna.
Ana breh ka tingali Embah Kiara Lawang dongkap naek kareta kuda anu kacida ahengna, kareta kuda anu pantes dipiboga ku saurang pamingpin anu wibawa tur sahaja.
Turun ti kareta, Embah Kambi Kiara lawang dibagyakeun ditempatkeun di tempat anu tos disayagikeun, nu diantos parantos dongkap, tasyakuran bade dingawitan.
“Rahayat anu satia, tos cunduk kana waktu ningang kana mangsa, tos waktosna urang ngawitan acara tasyakuran iyeu. Namung acara iyeu moal tiasa dingawitan upami teu aya si aki anu dongkap pangpayuna ka iyeu tempat. Ayeuna mana atuh si aki teh? Sok ka payun ki!”  saur Embah Kambi.
Sadaya anu hadir luak lieuk, sadaya ngaraos ngageser calikna si aki dugi ka teu kabagean tempat. Teu kapalire, les wae si aki teh lengit duka ngaleos kamana.
“Kamana si aki teh? Naha di daerah iyeu teu aya anu malire ka aki-aki? Abong kena aki-aki anu mawa awak ge ripuh jadi teu dipalire? Jadi urang diyeu teh kitu? Ari jalma anu teu walakaya, teu penting, teu boga harta teh pantes disapirakeun? kitu?”
Sadaya anu hadir ngeluk tungkul ngaraos isin.
“Sumuhun, sagala naon anu dicarioskeun teh leres. Urang sadaya anu aya di diyeu khilaf, tapi kajadian iyeu bakal jadi eunteung pikeun urang sarerea. Urang teh ulah milah milih jalma tapi kudu ngahargaan ka sasama kumaha wae kaayaanana.” Waler kapala kampung.
Ngadangu kitu Embah Kambi imut, rahayatna tos sadar.
“Nya ari kitu mah. Urang teh kedah ngutamakeun aki-aki, kahiji aki-aki mah tos sepuh kedah dihormat, kadua awakna teu siga budak ngora anu jagjag belejag, wajar lamun diutamakeun teh. Kitu deui barudak, barudak oge can tiasa siga urang, dahar pakena kedah diperhatoskeun ku urang salaku kolotna, nya intinamah aki-aki sareng barudak teh kedah diutamakeun.”
Sadaya anu hadir unggut-unggutan, kahartos ari kitumah. Tambah ku tambah wae rasa pikacinta ka pamingpin teh. Embah Kambi teh leres-leres mikacinta ka rahayatna. Sanes pamingpin anu mentingkeun dirina wungkul.
Eta salah sahiji kautamaan Embah Kambi Kiara Lawang. Ngutamakeun aki-aki atanapi rakyat leutik supados kahirupan rakyat leutik teh kacukupan pangabutuhna. Kitu deui barudak, barudak oge pendidikana kedah diperhatoskeun. supados engkin dimana darewasa tiasa  janten jalma-jalma anu aya gunana pikeun dirina, keluarga, sareng saterusna.
Mudah-mudahan kautamaan Embah Kambi Kiara Lawang tiasa lestari dugi ka kiwari, mudah-mudahan pamingpin anu aya tiasa mawa utama. Amin.Tapi anu janten heran teu ngartos naha Embah Kambi bade muka acara bet naroskeun aki-aki? Pan jelas aki-aki teh dongkap pangpayuna waktos teuacan aya sasaha. Naha Embah Kambi terang yen aya aki-aki dongkap ka tempat eta?
 Sing horeng aki-aki teh taya lian taya sanes nyaeta Embah Kambi kuanjeun. Kukaelmuan sareng kajembaran pangabisana, Embah Kambi tiasa ngajirim janten aki-aki mamalihan.

1 komentar:

  1. Slots Casino & Mobile - JT Hub
    Slots Casino & Mobile - JT 문경 출장마사지 Hub | ➤ View all Slots Casino & Mobile games in one 정읍 출장샵 app ✓ 24/7 customer 대구광역 출장마사지 support 경기도 출장안마 ✓ 24/7 customer 문경 출장마사지

    BalasHapus